Asalamualaikum wr.wb
Pangersa bapa
pupuhu sakola anu ku sim kuring dipihormat,
Pangersa Bapa
miwah ibu guru anu ku sim kuring dipihormat,
Pangersa bapa miwah ibu rawuh teteh
oge kakang alumni MTs Bina Bangsa anu ku simkuring dipihormat
Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji sinareng
sukur ka Gusti nu maha suci ,Alhamdulillah ku
Rahmat sareng Inayah manten-Na , dina danget ieu urang sadaya dipaparin
kasehatan sareng ni’mat islam dugi ka urang sadaya tiasa tiasa kempel
ngariung, patepung lawung paamprok jonghok di ieu patempatan dina ieu acara anu
ku urang sadaya diantos-antos, nyaeta acara tepang sono Akbar MTs Bina Bangsa
Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ka jungjunan
urang Nabi Agung Muhammad SAW, Ka kulawargina, ka para sahabatna, ka para
tabi’in-tabi’ina dugi ka urang salaku umatna mugi di yaumil ahir kenging
sapa’at ti manten-Na.
Manga
urang buka bae ieu acara ku sami sami maca basmallah: bismilahhirohmanirohim.
Hadirin
sadaya hormateun simkuring,
Simkuring
ngadeg cumarios di payuneun sadayana,maksadna nyaeta supados urang sadaya
alumni MTs Bina Bangsa tiasa ngumpul babarengan deui,teu hilap kana rerencangan
baheula,boh kana guru guruna,sareung anu sanesna oge.
Sateuacana,
didieu aya sababaraha rupi acara,
Dupi
runtuyan acarana nyaeta:
1. Bubuka
2. Ngaoskeun ayat suci
Al-Quran di sareungan ku sholawat nabi
3. Biantara ti pupuhu panata
calagara
4. Nembangkeun nasyid
5. Biantara pangbagea ti Bapa pupuhu MTs Bina Bangsa
6. Biantara pangbagea ti Osis
MTs Bina Bangsa
7. Biantara pangbagea ti
wawakil alumni
8. Beware forum alumni
9. Do’a
10. Panutup
Supados
henteu nyangkolong teuing kana waktos, manga ayeuna urang lajengkeunkana acara
kadua nyaeta ngaoskeun ayat suci al quran,di sareungan ku solawat nabi. Anu
bade,di dugikeun ku saderek windi nirmalasari,sareung rerencangan, manga di
haturananan.
Parantos
kakuping ku urang sadayana,galindeungan ayat suci al quran sareung solawat
nabi, sumangga ayeuna urang lajengkeun kana acara katilu nyaeta, biantara ti
pupuhu panata calagara, anu bade di dugikeun ku bapa azis maulana,sumangga di
haturanan.
Bapa
miwah ibu, kalih hadirin alumni sadaya anu sami rawuh,
Alhamdulillah acara demi acara parantos lekasan. Minangka
acara pamungkas nyaeta ramah tamah. Nanging sateuacana urang pungkas heula ieu
acara ku du’a. Sumangga bapa Ustad Mahmud dihaturanan kanggo mingpin du’a,
Hatur
nuhun kakersana bapa Mahmud anu parantos mingpin doa,
Sumangga ieu acara urang pungkas ku sami sami ngucapkeun
hamdallah, alhamdulilahirobilalamin.
Wasalamualaikum
wr.wb