Selasa, 03 Desember 2013

PANATA ACARA SONO AKBAR



Asalamualaikum wr.wb
Pangersa bapa pupuhu sakola anu ku sim kuring dipihormat,
Pangersa Bapa miwah  ibu guru anu ku sim kuring dipihormat,
Pangersa bapa miwah ibu rawuh teteh oge kakang alumni MTs Bina Bangsa anu ku simkuring dipihormat
Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti nu maha suci ,Alhamdulillah ku Rahmat sareng Inayah manten-Na , dina danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan  sareng ni’mat islam dugi ka urang sadaya tiasa tiasa kempel ngariung, patepung lawung paamprok jonghok di ieu patempatan dina ieu acara anu ku urang sadaya diantos-antos, nyaeta acara tepang sono Akbar MTs Bina Bangsa
Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ka jungjunan urang Nabi Agung Muhammad SAW, Ka kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabi’in-tabi’ina dugi ka urang salaku umatna mugi di yaumil ahir kenging sapa’at ti manten-Na.
Manga urang buka bae ieu acara ku sami sami maca basmallah: bismilahhirohmanirohim.

Hadirin sadaya hormateun simkuring,
Simkuring ngadeg cumarios di payuneun sadayana,maksadna nyaeta supados urang sadaya alumni MTs Bina Bangsa tiasa ngumpul babarengan deui,teu hilap kana rerencangan baheula,boh kana guru guruna,sareung anu sanesna oge.
Sateuacana, didieu aya sababaraha rupi acara,
Dupi runtuyan acarana nyaeta:
1.     Bubuka
2.    Ngaoskeun ayat suci Al-Quran di sareungan ku sholawat nabi
3.    Biantara ti pupuhu panata calagara
4.    Nembangkeun nasyid
5.    Biantara pangbagea ti  Bapa pupuhu MTs Bina Bangsa
6.    Biantara pangbagea ti Osis MTs Bina Bangsa
7.    Biantara pangbagea ti wawakil alumni
8.    Beware forum alumni
9.    Do’a
10. Panutup
Supados henteu nyangkolong teuing kana waktos, manga ayeuna urang lajengkeunkana acara kadua nyaeta ngaoskeun ayat suci al quran,di sareungan ku solawat nabi. Anu bade,di dugikeun ku saderek windi nirmalasari,sareung rerencangan, manga di haturananan.

Parantos kakuping ku urang sadayana,galindeungan ayat suci al quran sareung solawat nabi, sumangga ayeuna urang lajengkeun kana acara katilu nyaeta, biantara ti pupuhu panata calagara, anu bade di dugikeun ku bapa azis maulana,sumangga di haturanan.

Bapa miwah ibu, kalih hadirin alumni sadaya anu sami rawuh,
Alhamdulillah acara demi acara parantos lekasan. Minangka acara pamungkas nyaeta ramah tamah. Nanging sateuacana urang pungkas heula ieu acara ku du’a. Sumangga bapa Ustad Mahmud dihaturanan kanggo mingpin du’a,
Hatur nuhun kakersana bapa Mahmud anu parantos mingpin doa,
Sumangga ieu acara urang pungkas ku sami sami ngucapkeun hamdallah, alhamdulilahirobilalamin.
Wasalamualaikum wr.wb